WAYANG Golék nyaéta seni pertunjukkan téater rakyat nu mindeng dipagelarkeun, mangrupakeun salah sahiji ragam kasenian wayang nu asalna ti masarakat Pasundan. Mimitina ngan dipidangkeun mangsa sérémonial nu husus. Tapi ku kamajuan jaman, wayang golék geus jadi hiburan jeung tongtonan masarakat dina kahirupan sapopoé.
Wayang Golék ogé geus diaku ku UNESCO salaku Warisan Budaya Tak Benda ti taun 2003. Masarakat nu resep ogé beuki lila beuki loba sanajan loba budaya populér jeung modern nu arasup ti luar nagri.
Ngabahas ngeunaan wayang golék di tanah Pasundan, moal bisa lamun teu nyebutkeun ngaran H. Asep Sunandar Sunarya. Saurang Maéstro dina dunya Wayang Golék nu geus mindeng diondang ka mancanagara, jeung salah sahiji dalang nu kabisana geus kakoncara di sakuliah dunya.
Lamun teu ku anjeunna, meureun wayang golék moal bakal kasohor jeung populér kawas ayeuna. Malah mah loba panalungtikan ngeunaan wayang golék ti panaliti luar nagri.
Asep Sunandar Sunarya bareng Cépot jeung Punakawanna sok ditungguan ku panongton pagelaran. Punakawan téh nyaéta kulawarga leutik nu diwangun ku saurang bapa (Semar) jeung tilu budak lalaki (Cépot, Dawala, Garéng) nu tugasna ngabdi ka para tokoh utama lakon Mahabharata jeung Ramayana.
Dilansir ti Tirto.id, ngutip tina catetan Jan Mrazek nu judulna “Javanese Wayang Kulit in The Times of Comedy. Clown Scene, Innovation, and The Performance’s Being in The Present World” (1999), Andrieu nambahkeun yén para punakawan ieu téh nu “ngagugulung dina hal-hal nu kurang sopan, kaahéngan, hal-hal anyar, kasenjangan norma-norma sosial, jeung tina kabiasaan panongton.”
Wayang golek Kang Asep Sunandar biasana dipidangkeun jeung bobodoran nu pikaseurieun, nu sasakali diselingan ku peupeujeuh wejangan dina kahirupan. Ku kréativitas jeung inovasina, anjeunna laksana ningkatkeun deui seni wayang golék nu dianggap seni kampungan ku sababaraha urang.
Kawas dikutip Andrieu tina Weintrub nu nulis Power plays: Wayang Golek, Puppet Theatre in West Java (2004), hiburan atawa urang sebut wéh bodor, dina runtuyan pagelaran wayang golék silih pakait jeung komunikasi jeung spiritualitas. “Tanpa hiburan, saurang dalang moal tiasa ngomunikasikeun nanaon, boh éta hal spiritual atanapi nu sanésna,” ceuk Weintrub.
Jadi di titik ieu, manéhna nyimpulkeun yén bodoran —nu mindeng dibawakeun ku Asep jeung dalang-dalang wayang golék séjénna— nyaéta “salah sahiji atribut jeung mangrupakeun salah sahiji kakuatan dalang nu pang pentingna dina masarakat Sunda.”
Editor : Rimaldi Pasya Mansoer
Foto: inacraftnews.com