Suten atawa Suit: Kaulinan Basajan nu Kasohor di Dunya

KAULINAN-kaulinan basajan jaman keur leutik loba pisan. Teu weléh, boh sadar atawa henteu kaulinan-kaulinan éta ngeusi kakosongan basa keur leutik jeung mangaruhan ka kumaha manusa tuwuh nepika gedé. Salah sahiji kaulinan basajan nu teu bisa dipopohokeun, deukeut jeung kahirupan kamasarakatan dina rupa-rupa tingkatan sosial nyaéta Suten.

Suten atawa biasa kasohor ku istilah suit nyaéta kaulinan nu biasana dipaké pikeun mutuskeun atawa ngundi hiji hal, kawas lamun misalna rék ngundi giliran. Conto nu pangnapelna nyaéta basa keur leutik kénéh, meureun aya nu nepika ayeuna lamun rék nangtukeun tim méngbal atawa tim naon waé nu kabagi jadi dua tim, biasana babagi ogé dilaksanakeun ku suten, hasilna bakal kabagi dua antara tim nu éléh jeung tim nu meunang.

Cara Maén

Cara maénna ogé teu hésé, ngan butuh maké hiji leungeun ku 5 ramo terus aya tilu objék nu diadukeun jeung bisa ngéléhkeun hiji tim séjén. Lamun imbang atawa sarua, diulang nepika aya nu meunang.

Sajarah

Dilansir tina anehdidunia.com, lamun ningali ka sajarah, kaulinan ieu sahenteuna geus aya ti jaman Dinasti Han, hartina ti taun 206 saméméh maséhi. Konsép mimitina ogé nyaéta digambarkeun jadi oray, bangkong, jeung hileud. Beuki dieu medarna kaulinan suten téh nepika nagara-nagara séjén, mimitina ti Jepang, ka nagara-nagara sakuliah dunya nepika Indonésia.

Di nagara Jepang, konsép cara maénna sarua kawasTiongkok ngan objékna hungkul nu béda, objék nu dipaké nyaéta wangun leungeun nu nyarupakeun gunting, kertas, batu. Gunting ngéléhkeun kertas, kertas ngéléhkeun batu, batu ngéléhkeun gunting.

Di Indonésia, komponén nu dipaké jadi objék nyaéta indung leungeun salaku gajah, curuk salaku manusia, jeung cingir salaku sireum, sadayana boga kakuatan nu sarua ku sabab bisa silih éléhkeun. Gajah ngéléhkeun manusa, manusa ngéléhkeun sireum, sireum ngéléhkeun gajah.

Bédana suten Indonesia jeung Jepang.(facebook.com/JCB Indonesia)

Kamekaran Kaulinan Basajan Nepika Kajuaraan Dunya

Dilansir tina anehdidunia.com, kaulinan sederhana ieu cukup dipikaresep ogé ku sababaraha budak ngora di dunya. Douglas Walker jeung Gary Walker taun 1995, boga rencana nyieun situs internét, kungsi kabingungan dina ngeusian matéri kontén. Ahirna dua nonoman ieu ngeusi kakosongan ku ngabahas sagala ngeunaan suten atawa istilah nu kasohor pikeun dunya mah nyaéta rock paper scissors atawa gunting kertas batu.

Dimimitian ku heuheureuyan nyaritakeun sagala ngeunaan suit ti mimiti sajarah, informasi, tips jeung trik sangkan bisa meunang suten, teu disangka-sangka gancang pisan mekarna saluyu jeung globalisasi, papanggih jeung jalma-jalma anyar sacara daring. Ngabeledug wéh jadi fénoména anyar.

Tina kamekaran éta, maranéhna ogé nyobaan ngamimitian hiji hal nu gedé, nyaéta ku ngagelar kajuaraan profésional suten munggaran taun 2002 di kota Toronto, Kanada. Sumanget publik ogé sakali deui ngareuwaskeun, nepika antri nungguan giliran maénna.

Basa turnamén ieu tuwuh beuki gedé, terus komunitasna solid jeung konsistén pikeun ngagelar kajuaraan, pausahaan-pausahaan raksasa kawas Yahoo jeung Microsoft ilubiung méré sponsor turnamén ieu ku ngajangjikeun hadiah saloba 10.000 dollar!. Taun 2007, turnamén ieu malah mah nepika disiarkeun ku stasiun TV ESPN jeung FOX Sports.

Éditor : Rimaldi Pasya Mansoer

Foto: theatlantic.com

anjeun munkin oge reseup

Warta

Kahariwang Leungitna Basa Sunda

Aya fenoména nu karasa ngahariwangkeun dina jero manah saurang anggota législatif. Inyana Wakil Komisi D DPRD Kota Bandung, Iwan Hermawan, S.E.,Ak., nu ngarasa prihatin kana terus nguranganna panutur Basa Sunda. Data di BPS nunjukkeun dina waktu sapuluh taun (2010-2020), jumlah nu makéna ngurangan nepi ka dua juta urang.

Teras Maos »
Budaya

Sampurasun, Bréw!

Tah, NyundaYu gé, minangka ajakan nyunda ka urang Sunda. Ngan, upama ngahaja milih média online, lantaran ngigelan jaman. Da, urang Sunda téh geus kacida robahna.

Teras Maos »

QAFWA

Men's Moslem Wear
Get Discount 30%

TONG WAKA DI-CLOSE!!!

KLIK HELA MEH MEUNANG DISKON, LUMAYAN!

Wilujeng Sumping

“Teu aya istilah cinta buta, aya ge jalma eta sorangan nu ngabutakeun diri.”