NyundaYu!
Asana naon salahna ngajak mah. Tah, NyundaYu gé, minangka ajakan ka urang Sunda nu nyarunda! Ngan, pertanyaan saterusna, naha aya kénéh urang Sunda nu hayang nyunda? Ah, asana (deui waé) lain ukur aya, tapi loba kénéh urang Sunda nu hayang nyunda mah. Da, urang Sunda téh loba pisan.
Ceuk Volkstelling 1930, Vol.VIII, kaca 13 saperti nu dicutat ku Suwarsih Warnaen dina bukuna Stereotip dalam Masyarakat Mulitietnis (2002), jumlah urang Sunda harita, 14,38 persen. Atuh, mun ngira-ngira urang Sunda ayeuna, nya kari ngabandingkeun wé jeung jumlah penduduk Indonésia ayeuna.
Tangtu, aya pertanyaan sateruna. Naha perelu kénéh média Sunda di masarakat Sunda nu umumna biasa maraké basa Indonésia? Pertanyaan kawas kitu, sajajar jeung naha perelu kénéh basa Sunda di masarakat Sunda nu geus bariasa maraké basa Indonésia? Jawabanana, bisa nyutat pamanggih saperti kieu:
“Basa téh anu jadi lulugu, pangtétélana jeung pangjembarna tina sagala tanda-tanda nu ngabédakeun bangsa pada bangsa. Lamun sipatna rupa-rupa basa téh leungit, bédana bakat-bakat kabangsaan gé musna. Lamun ras kabangsaanana suwung, basa, basana éta bangsa téa oge lila-lila mah leungit.”(R. Sastra Hadiprawira 1929: 99).
Media Sunda, lian ti nepikeun warta, ogé milu ngamumulé basa Sunda sangkan tetep hirup di sarakanana. Ngaliwatan média Sunda, éta basa bisa kabaca ku masarakat Sunda di mana waé ayana, henteu ngan ukur ku barudak sarakola wungkul.
NyundaYu ajakan nyunda ka urang Sunda. Ngan, upama ngahaja milih média online, lantaran ngigelan jaman. Da, urang Sunda téh geus kacida robahna. Teu katalian ku babasan dahar teu dahar asal ngumpul, da ayeuna mah, urang Sunda gé jarambah. Luntana gé, lain ukur di wilayan Nusantara wungkul, tapi di luar nagri deuih.
Kanyaah jeung katineung ka dulur, lembur, jeung budaya sorangan, biasa kasaksian di tempat-tempat urang Sunda di mana waé ayana. Arinyana, biasa ngaidentifikasi diri minangka urang Sunda. Bréh wéh kawargian-kawargian nu asalna ti salembur urang Sunda atawa nu némbongkeun yén arinyana urang Sunda. Atuh, organisasi-organisasi urang Sunda gé nyampak di mana-mana, kaasup di luar nagri.
Arinyana némbongkeun kareueus kana kasundaan. Ngan, saterusna mah, bakal aya deui pertanyaan, naha mémang kasundaan téh penting kitu? Tah, keur ngajawab éta pananya, urang bisa ngimeutan dina Al-Qu’an.
“Hé manusa, sabenerna Kami nyiptakeun aranjeun ti lalaki (Adam) jeung awéwé (Hawa) tuluy kami ngajadikeun aranjeun sababaraha bangsa jeung kabilah sangkan silih pikawanoh. Sabenerna, jalma nu pangmulyana di antara aranjeun mungguhing Alloh nya éta nu pangtakwana. Saleresna, Alloh Mahauninga (tur) Mahawaspada.” (Al-Qur’an, Surat Al-Hujurat:13)
Dina mangsa usumna kolaborasi saperti ayeuna, urang Sunda mah, biasa ngalarapkeun silih asah, silih asih, silih asuh. NyundaYu gé umajak ka urang Sunda nu nyarunda geusan jadi bagian masarakat multikultur, nya éta ngaliwatan paradigma civic journalism, atawa public journalism, saperti nu ditawarkeun ahli komunikasi Jay Rosen (1998) atawa nu di Indonésia mah katelahna téh konsep jurnalisme makna, nu intina mah, ngaheulakeun kapentingan balaréa sarta demi kamaslahatan umat manusa.
Tékad NyundaYu, medalkeun warta dumasar kana papatah karuhun nu biasa dilisankeun ku nini paraji dina mangsana mamagahan orok nu kakara lahir. Cenah, apan: Ulah saomong-omongna, mun lain omongkeuneunana; ulah sadéngé-déngéna mun lain déngéeunana. Awak-awak NyundaYu tigin kana patékadan (berkomitmen) nyuguhkeun warta nu payus jadi bacaan urang Sunda nu nyarunda. *(Redaksi)