Méh Teu Kana HP Waé, Ieu 7 Kaulinan Tradisional Sunda nu Bisa Diwanohkeun ka Barudak

JAMAN ayeuna, game online geus jadi kaulinan barudak ayeuna sapopoé. Aya dampak positif jeung négatifna séwang-séwang mun barudak geus ulin game online ti leutik kénéh. Salah sahijina aktivitas fisik nu kurang loba nu bisa nyababkeun turunna kamampuh barudak dina sisi motorik.

Ku kituna, di handap ieu aya sababaraha kaulinan tradisional Sunda nu bisa diwanohkeun ka barudak, dimana kaulinan-kaulinan ieu salian bisa ningkatkeun kamamapuh motorik barudak, oge bisa ngawangun jiwa kompetitif jeung sosialna. Hal ieu dibutuhkeun pikeun bekel kahareupna, mun barudak geus daréwasa.

Dikutip tina Jurnal Obsési: Jurnal Pendidikan Anak Usia Dini, di handap ieu 7 kaulinan tradisional Sunda nu ramé jeung gampang pisan diulinkeun:

1. Oray-orayan

Kaulinan oray-orayan nyaéta salah sahiji nu remen diulinkeun ku barudak. Kaulinan ieu sarupa jeung kaulinan ular naga. Kaulinan ieu diulinkeun ku posisi nyarupakeun oray nu ngaluar-léor.

Biasana kaulinan ieu dilakukeun ku sacara kelompok, ti 10 nepika 20 urang. Barudak ngabaris ti hareup nepika tukang sabari nyekelan punduk babaturannana nu aya di hareup.

Maranéhna leumpang bari ngaléor siga oray sabari nyanyikeun lagu ieu:

“Oray-orayan luar léor ka sawah

Ulah ka sawah paréna keur sedeng beukah

Oray-orayan luar léor ka kebon

Entong ka kebon di kebon loba nu ngangon

Mening ka leuwi di leuwi loba nu mandi

Saha anu mandi? Anu mandina pandeuri”

Salian aya nu jadi oray, aya ogé 2 urang nu jadi torowongan ku cara ngahijikeun kadua leungeun séwang-séwang. Biasana, salian maké leungeun, bisa ogé nyieun torowongannana maké sarung nu dipantengkeun. 

Engkéna, sanggeus laguna béak, 2 urang tadi bakal néwak jelema nu pangtungtungna ngaliwatan torowongan éta.

Kaulinan ieu ngalatih kasigepan, kapamingpinan, kataatan jeung katarampilan.

2. Sasalimpetan

Sasalimpetan nyéta kaulinan nu maké lagu pikeun ngaulinkeunna. Para pamaénna bakal silih cekel kana leungeun séwang-séwang. Terus, engkéna tiap urang bakal asup kana rohang di handapeun leungeun di antara pamaén nu keur silih cekelan. Terus disusul ku pamaén saterusna nepika katingali siga bal spiral. 

Ieu lagu nu biasa dinyanyikeun pas ngulinkeun Sasalimpetan:

“Sasalimpetan jajahan aing nu panjang, hey hey

Aki janggotan tumpak kuda héhéotan

Sasalimpetan jajahan aing nu panjang, hey hey

Aki janggotan tumpak kuda héhéotan

Tumpak kuda héhéotan

Tumpak kuda héhéotaaaaan

Tumpak kuda héhéotan”

3. Paciwit-ciwit Lutung

Kaulinan ieu diulinkeun ku cara silih ciwit tonggong leungeun nepika ngabentuk tumpukan leungeun. Biasana kaulinan ieu diulinkeun ku sacara kelompok ti 4 nepika 6 urang. Dina kaulinan ieu, leungeun séwang-séwang dipuseurkeun di tengah sabari nu ulinna nangtung/diuk nguriling. Terus, leungeun tiap urang pamaén bakal disusun ka luhur bari nyiwit kana tonggong leungeun pamaén nu aya di handap teu meunang kapegat. 

Laguna kawas kieu:

“Paciwit-ciwit lutung, si lutung pindah ka luhur

Paciwit-ciwit lutung, si lutung pindah ka luhur”

Kaulinan ieu ngalatih konséntrasi jeung kasabaran pamaénna.

4. Slép Dur

Kaulinan ieu diulinkeun sacara kelompok, 7 nepika 10 urang barudak nu ngabaris. Aya dua urang budak nu nyieun torowongan pikeun diliwatan ku babaturanna. 

Kaulinan tradisional ieu ngulinkeunna kudu kompak jeung gancang dina gerakannana ambéh teu keuna ruruntuhan torowongan di tungtung lagu. 

Salian ti ngalatih kakompakan jeung kagancangan, kaulinan ieu ogé ngasah kerja sama, kakuatan fisik jeung sportifitas. 

Kawas kaulinan nu séjénna, aya lagu pikeun marengannana:

“Slép dur, slép dur

Dilas dipan dipan debur

Kahijina kaduana katiluna kaopatna

Kalimana kagenepna 

Katujuhna nu pandeuri”

5. Pérépét Jéngkol

Pérépét Jéngkol kaasup kaulinan tradisional nu ramé pisan jeung bisa dipaénkeun ku lalaki atawa awéwé, 3 urang atawa leuwih. Pamaén ngawangun buleudan sabari pacekel-cekel leungeun nyahareup ka tukang. 

Terus, suku katuhu para pamaénna diangkat kana bitis pamaén nu séjénna nepika patindih-tindih. Ngan teu meunang aya nu labuh jeung kudu nahan nepika kabéh pamaén ngaitkeun sukuna siga anyaman.

Engkéna, leungeun séwang-séwang bakal dileupaskeun terus luluncatan muter ka arah kénca sabari keprok.

Kaulinan ieu ngalatih katahanan awak, kasaimbangan jeung kajujuran budak.

6. Cingciripit

Cingciripit nyaéta kaulinan tradisional Sunda nu fungsina ampir sarua jeung hompimpa. Biasana dilakukeun saméméh ulin ucing sumput atawa ucing-ucingan. 

Awalna, barudak ngumpul nguriling, terus hiji pamaén muka dampal leungeunna nu dijadikeun “mangkok”.

Terus barudak nu lainna nyimpen curukna dina “mangkok” éta sabari nyanyi:

“Cingciripit 

Tulang bajing kacapit

Kacapit ku bulu paré

Bulu paré seuseukeutna

Jol pa dalang mawa wayang

Jrék-jrék nong, jrék-jrék nong”.

Dina tungtung lagu, si pamaen nu jadi “mangkok” bakal néwak curuk pamaén nu séjénna. Saha nu katéwak curukna, manéhna nu jadi ucing atawa kudu jadi nu ngajaga ulin ucing sumput.

Tah, ramé pan?

7. Endog-endogan

Foto: facebook.com/disbudparkotabandung

Endog-endogan nyaéta kaulinan tradisional nu bisa diulinkeun ku sababaraha urang. 

Kaulinan ieu dilakukeun ku cara ngeupeulkeun leungeun, terus ditumpuk jeung keupeulan leungeun pamaén nu séjén, diéntép nepi ka luhur. Saterusna hiji-hiji leungeun nu dikeupeulkeun téh dipeupeuskeun siga endog.

Ieu lagu nu biasa dinyanyikeun mun maén endog-endogan:

“Endog-endogan peupeus hiji, pré…

Endog-endogan peupeus hiji, pré…

Endog-endogan peupeus hiji, pré…

Endog-endogan peupeus hiji, pré…

Goléang-goléang mata sapi bolotot”

Tah éta kaulinan tradisional Sunda nu bisa dipikiwanoh. Hayu urang ajarkeun barudak pikeun ngalestarikeun jeung ngamumulé kabudayaan jeung basa Sunda.

Sumber: orami.co.id

Foto: andirustandisunarya.wordpress.com

anjeun munkin oge reseup

Warta

Kahariwang Leungitna Basa Sunda

Aya fenoména nu karasa ngahariwangkeun dina jero manah saurang anggota législatif. Inyana Wakil Komisi D DPRD Kota Bandung, Iwan Hermawan, S.E.,Ak., nu ngarasa prihatin kana terus nguranganna panutur Basa Sunda. Data di BPS nunjukkeun dina waktu sapuluh taun (2010-2020), jumlah nu makéna ngurangan nepi ka dua juta urang.

Teras Maos »
Budaya

Sampurasun, Bréw!

Tah, NyundaYu gé, minangka ajakan nyunda ka urang Sunda. Ngan, upama ngahaja milih média online, lantaran ngigelan jaman. Da, urang Sunda téh geus kacida robahna.

Teras Maos »

QAFWA

Men's Moslem Wear
Get Discount 30%

TONG WAKA DI-CLOSE!!!

KLIK HELA MEH MEUNANG DISKON, LUMAYAN!

Wilujeng Sumping

“Teu aya istilah cinta buta, aya ge jalma eta sorangan nu ngabutakeun diri.”