Legénda Urban Jurig Jarian, Makna jeung Kaarifan Lokal

LOLOBANA budak ngora Bandung jaman ayeuna nu resep kana mistis, aya anu sok heureuy ngomongna kieu: “Kadé éta, aya Jurig Jarian”. Tapi kira-kira maranéhna téh apal teu nya kana Jurig Jarian jeung kumaha asal muasalna Jurig Jarian téh?

Jurig jarian nyaéta legénda urban anu sumebar sacara turun tumurun di Tanah Pasundan. “Jurig” dina Bahasa Indonésia hartina hantu jeung “Jarian” hartina tempat sampah. Disebut Jurig Jarian kusabab jurig ieu mindeng cicing dina wadah runtah atawa di antara runtah kotor anu patumpuk.

Numutkeun carita masarakat, Jurig Jarian ngan némbongan ka budak leutik jeung awéwé anu keur ngandeg, waktuna ogé teu sambarangan, biasana mah pasosoré rék ka maghrib (sareupna).

Ceuk masarakat Sunda mah, wujudna téh kawas awéwé nu pinuh rapet ku runtah dina sakabéh awakna.

Cenah mah, lamun papanggih jeung Jurig Jarian, bakal ngarasakeun nyeri siga muriang, ateul anu parna nepika kasurupan. Cara nyageurkeun lamun aya jalma anu keuna gejala éta téh katémbong rada unik, nyaéta ku cai kalapa ngora jeung kopi pait anu dicampur saséndok jeung dibéré doa ayat kursi.

Tapi, legénda urban carita mistis di dieu maksudna lain ngan saukur nyingsieunan hungkul, loba ogé makna jeung mangpaatna. 

Foto: dw.com/Indradona

Méré makna hal anu dianggap biasa

Dikutip tina dw.com, ceuk Kang Zaini Alif, dosén di Fakultas Seni Rupa jeung Desain di Institut Seni Budaya Indonésia (ISBI) anu ogé panaliti kaulinan tradisional, “Barudak langkung tiasa narima carita jurig supados aya rasa sieun anu tungtungna nurut. Tapi saatos déwasa, aranjeunna bakal nyadar yén aya sabab akibat anu bakal ditarima sacara logika di balik éta.” 

Kaarifan Lokal

Dikutip tina Liputan6.com. Numutkeun Kang Zaini Alif, Légénda urban siga kieu ngandung unsur budaya jeung kaarifan lokal anu gedé.

Rasa panasaran kana hal-hal gaib numutkeun Kang Zaini mah perlu ditaliti kusabab aya loba kaarifan lokal anu pakait jeung carita jurig tina hiji tempat atawa kajadian.

“Ti taun 2016 ditaliti dugika ayeuna ieu atos aya kirang langkung 300 macem jurig, jeung jurig-jurig ieu henteu éndemik, unggal wilayah béda-béda.” ceuk Zaini diskusi jeung Liputan6.com

Editor : Rimaldi Pasya Mansoer

Foto: unsplash.com/Jesse Bowser

anjeun munkin oge reseup

Warta

Kahariwang Leungitna Basa Sunda

Aya fenoména nu karasa ngahariwangkeun dina jero manah saurang anggota législatif. Inyana Wakil Komisi D DPRD Kota Bandung, Iwan Hermawan, S.E.,Ak., nu ngarasa prihatin kana terus nguranganna panutur Basa Sunda. Data di BPS nunjukkeun dina waktu sapuluh taun (2010-2020), jumlah nu makéna ngurangan nepi ka dua juta urang.

Teras Maos »
Budaya

Sampurasun, Bréw!

Tah, NyundaYu gé, minangka ajakan nyunda ka urang Sunda. Ngan, upama ngahaja milih média online, lantaran ngigelan jaman. Da, urang Sunda téh geus kacida robahna.

Teras Maos »

QAFWA

Men's Moslem Wear
Get Discount 30%

TONG WAKA DI-CLOSE!!!

KLIK HELA MEH MEUNANG DISKON, LUMAYAN!

Wilujeng Sumping

“Teu aya istilah cinta buta, aya ge jalma eta sorangan nu ngabutakeun diri.”