AYA fénoména nu karasa ngahariwangkeun dina jero manah saurang anggota législatif. Inyana Wakil Komisi D DPRD Kota Bandung, Iwan Hermawan, S.E.,Ak., nu ngarasa prihatin kana terus nguranganna panutur Basa Sunda. Data di BPS nunjukkeun dina waktu sapuluh taun (2010-2020), jumlah nu makéna ngurangan nepi ka dua juta urang.
“Terus terang abdi ngaraos timburu ka urang Jawa. Aranjeunna di mana waé sok nganggo basa daérah asalna. Puluhan taun aya di Bandung, umpamana, logat Jawana tetep kentel. Ieu beda pisan sareng urang Sunda nu katingali kirang pédé nganggo basa indungna. Tong waka nuju aya di daérah sanés, sanaos di Bandung oge teu wantun nganggo Basa Sunda,” saurna.
Iwan nganiléy, problem kahijina aya dina masalah pawarisan basa. Loba kulawarga nu tara ngabiasakeun ngobrol ku basa Sunda. Mayoritas generasi X (umur kalahiran 1965-1980) tara ngajarkeun barudakna -kaum milenial jeung generasi Z- pikeun maké basa Sunda. “Murangkalih ayeuna leres aya kénéh nu nganggo basa Sunda dina pergaulan, mung nalika gaul sareng nu teu acan loma, malihan dina forum resmi, basa Sunda dileupaskeun,” ceuk anggota Badan Anggaran DPRD ieu.
Kondisi ieu saluyu jeung lambang-lambang kasundaan nu beuki ayeuna beuki reueuk. “Leres aya dinten nganggo acuk pangsi sareng wajib nganggo basa Sunda dina raraga Kemis Nyunda di Pemkot Bandung, namung eta sifatna seremonial, teu teras aya pangaruh kana ningkatna kareueus ngabasa Sunda atanapi nganggo anggoan Sunda di tengah masarakat. Cobi bandingkeun sareng di Jepang, nalika nu ngadamel samurai meni dihurmat, nu ngarangkay kembang meni kuat martabatna, atanapi nu ngadamel karajinan nampi tempat nu dipikahurmat.”
Anggota Dewan ti Fraksi PKS ieu ogé nyorot kana beuki langkana nu ngabasa Sunda di daérah urban jeung pakotaan. Ieu ngabanding tibalik jeung di wewengkon padesaan jeung pakampungan, nalika ngobrol ku basa Sunda remen kénéh pisan kadéngé. Naha basa Sunda téh teu cocok jeung kamajuan paradaban pakotaan?
“Pertarosan-pertarosan éta sawajarna kedah diwaler ku para pakar, budayawan sareng akademisi. Kumargi upami palay basa Sunda tetep éksis, éta kedah tiasa ditampi ku masarakat modéren. Urang nyandak conto Yogya, umpamana. Sacara kota, éta maju, modéren, mung aura tradisionalna tetep ngumandang. Basa Jawa dikokola saé pisan. Ieu hartosna, basa Jawa tiasa kalarapkeun saluyu sareng kamajuan. Saleresna urang ogé kedah tiasa ngadamel basa Sunda janten langkung gampil katampi ku nonoman. Para pakar kedah hadir kanggo ngaformulasikeun basa loma nu dianggo. Urang kembangkeun nu compatible sareng nonoman,” tandes Iwan nu ogé saurang praktisi pendidikan anak-anak.
Konkrétna, kudu loba aktivis Sunda ti kalangan akademisi, peneliti, budayawan, nu ngilu méré kontribusi jadi sarupa influencer ka nonoman. Bisa ogé influencerna datang ti kalangan seniman, siga Doel Sumbang atanapi Budi Dalton, nu identik salaku panutur basa Sunda. Saluyu jeung éta, kurikulum basa Sunda ogé kudu didesain pikeun barudak ngora ngarasa reueus babasan ku basa Sunda dina forum naon waé.
Iwan miharep ngaleungitna basa Sunda tong kungsi kajadian. Jeung éta teu bisa nungguan deui ku laku lampah urang ayeuna. Kusabab urang teu bisa ngan ngandelkeun ka budayawan nu geus loba pisan nyumbangkeun énérgi pikeun éksisténsi basa jeung budaya Sunda.