“PERSIB Maung Bandung, Persib Maung Bandung, Persib Maung Bandung, Oooooo!!” jorowok para panongton Persib Bandung nu nongton di Stadion. Hal ieu mangrupakeun salah sahiji tina lobana nyanyian nu aya jeung kadéngé mun nongton Persib Bandung di lapangan, keur di kandang atanapi tandang.
Sagala hal nu kasebut éta diinisasi ku sakumpulan jelema nu ngarojong Persib nu geus aya ti jaman baheula, nyaéta Bobotoh.
Bobotoh mangrupakeun sebutan pikeun nu ngarojong atawa suporter ti Persib Bandung di mana waé ayana. Boh di tribun panongton, atanapi nu nongton di imah.
Bobotoh asalna tina Basa Sunda, nu dina Kamus Bahasa Sunda karya R. Satjadibrata (2011), hartina “jelema nu ngahirupkeun sumanget ka jelema nu rék gelut (atanapi sato nu rék diadu), suporter,” siga nu dikutip ti wikipedia.org
Sajarah
Bobotoh geus aya ti jaman Bandoeng Inlandsche Voetbal Bond (BIVB) di taun 1923. Baheula, sebutan nu ngarojong BIVB nyaéta Balakurawa. Dunya maén bal di éra éta kungsi ngaleungit nepika taun 1933. Di taun éta kénéh, PSIB (Persatuan Sepakbola Indonesia Bandung) jeung National Voetball Bond (NVB) padamucunghul di Bandung jeung sapuk ngahiji ku ngaran Persib di handapeun pupuhu Anwar St. Pamoentjak.
Mimitina, fanatisme katémbong dina pertandingan pamungkas jeung laksana ngajuaraan kajuaraan nasional taun 1937, di mana harita Persib Bandung tandang ka Persis Solo di Stadion Sriwedari. Dina laga éta, teu saeutik rombongan Bobotoh nu indit tur ka Solo pikeun ngadukung tim nu dipikacintana jeung meunang kalayan skor 2-1.
Sanggeus tim juara ieu nepi ka Stasiun Bandung, maranéhna dibagéakeun ku Bobotoh jeung diarak konvoi ngurilingan kota nu jadi awal tradisi konvoi juara. Kacatet dina media massa husus olahraga taun 1937 nu diterbitkeun ku Otto Iskandar Dinata, para pangrojong Persib atanapi Bobotoh geus daratang jeung ngarojong Persib di Lapangan Tegallega, Bandung.
Bobotoh miboga pangaruh nu gedé kana performa pamaén di lapangan, nepika katelah salaku pamaén ka-12.
Kamekaran
Fanatisme kana maén bal, hususna Persib Bandung, tuwuh saluyu jeung kamekaran jaman. Hal ieu kabukti dina pertandingan antara Persib Bandung vs PSMS Médan di Stadion Senayan, Jakarta. Para suporter kungsi nyiptakeun rékor ku jumlah panongton panglobana sapanjang sajaran maén bal di Indonésia basa minuhan Senayan, Jakarta dina Final Perserikatan 1985. Numutkeun dokumén majalah Tempo, basa éta nepika 150 rébu pangongton hadir di Senayan jeung mayoritas di antarana nyaéta suporter Persib, malah mah pertandingan éta kacatet ku AFC salaku pertandingan amatir pangbadagna jeung panglobana ditongton di dunya.
Di medio 1990, aya parobahan éra, loba pangaruh ti média luar geus asup. Loba variasi anyar kumaha carana ngarojong tim maén bal ti luar. Bobotoh ngadaptasi kamekaran jaman nepika nimu cara ngarojong ku cara anyar siga suporter nu ti luar. Carana nyaéta ku ngabentuk hiji kelompok hooliganisme jeung niron ti mimiti dangdanan, cara nyanyi lagu keur tim, nepika flare atawa smokebomb, fanatisme ieu beuki ngajadi nepika ayeuna.
Di jaman ayeuna, Bobotoh miboga inovasi jeung tuwuh beuki loba, saluyu jeung cara ngarojong dina kelompok séwang-séwang. VPC (Viking Persib Club), The Bomber (Bobotoh Maung Bandung Bersatu), La Curva Pasundan (LCP), Ultras, Flower City Casuals, Northernwall, Frontline Boys, Jurig Persib, jeung loba deui.
Tapi sanajan miboga kelompok nu loba, teu nyurudkeun saeutik ogé solidaritas maranéhannana pikeun ngadukung jeung méré sumanget ka tim Persib Bandung nu dipikacinta.
Éditor : Rimaldi Pasya Mansoer
Foto: Wikipedia.org