Hayu Urang Mikawanoh 5 Kulinér Légendaris ti Tatar Sunda!

BANDUNG (NYUNDAYU), –  Tatar Sunda, salah sahiji tatar nu aya di provinsi Jawa Barat, kakoncara ku kabeungharan sumber daya alamna. Ku kituna teu héran, mun loba pisan tempat wisata di Tatar Sunda nu nyuguhkeun panorama éndah jeung hawa nu tiis.

Salian ti tempat wisata, Tatar Sunda oge miboga mangrupa-rupa kulinér khas nu légendaris ti unggal daérahna. Kulinér légendaris ieu geus aya salila puluhan taun, jeung éksis kénéh nepika ayeuna.

Malah mah, sababaraha di antara kulinér éta geus bisa kapanggih di sababaraha wewengkon di Indonésia.

Tuluy, naon wae ngaran-ngaran kulinérna? Ieu 5 kulinér légendaris di Tatar Sunda nu dilansir ti Disparbud Jabar:

1. Surabi (Bandung)

Ngeunahna ngopi surabi haneut nu kakara diangkat tina anglo. (Foto: canva.com)

Surabi nyaéta kadaharan tradisional Sunda nu éksis kéneh nepika ayeuna. Kuéh leutik camperenik nu bahanna tina tipung béas, tarigu jeung cipati éta miboga cita rasa nu gurih jeung tékstur nu hipu semu cakial kulantaran prosés pangolahannana nyaéta ku dibeuleum maké anglo tina taneuh anggir.

Salila ieu, aya dua rupa surabi nu ngoncara, nyaéta asin jeung amis. Surabi asin, biasana dipidangkeun ku cara dipurulukan oncom. Sedengkeun surabi amis biasana dipidangkeun jeung saos atanapi kuah campuran gula beureum jeung cipati (kinca).

Saluyu jeung kamekaran jaman, surabi ayeuna dimodifikasi ku rupa-rupa toping pilihan. Masarakat bisa manggihan surabi nu topingna kéju, coklat, atawa saos durian nepika endog.

2. Tutug Oncom (Tasikmalaya)

Sangu Tutug Oncom, kadaharan jalma leutik nu ayeuna ngoncara. (Foto: canva.com)

Mimitina, tutug oncom dianggap jadi kadaharan jelema deungeun. Kadieunakeun, kulinér khas Tasikmalaya éta geus robah jadi salah sahiji idangan favorit nu remen disuguhkeun di sababaraha réstoran.

Saluyu jeung ngaranna, tutug oncom mangrupakeun kombinasi antara sangu jeung oncom nu geus diolah. Ambéh leuwih pelem, tutug oncom bisa didahar jeung hayam goréng, témpé bacem, endog kopyok jeung sajabana.

Numutkeun legénda, kadaharan ieu mimiti populér di taun 1940an. Ayeuna tutug oncom geus teu dianggap deui jadi kadaharan deungeun, tapi geus jadi karesep loba jelema.

3. Batagor (Bandung)

Bakat ku lobana nu dagang batagor di Bandung, ayeuna loba pisan rupa jeung rasa batagor nu ditawarkeun. (Foto: canva.com)

Ngaran Batagor nyaéta tina akronim baso tahu goréng. Siga siomay, kadaharan ieu diidangkeun ku cara dicampuran jeung saos bungbu suuk.

Mimitina batagor mangrupakeun kadaharan sésa dagangan baso jeung tahu. Kulantaran mubajir mun dipiceun, ahirna ku masarakat Sunda Priangan jaman baheula diolah jadi adonan nu saterusna digoréng dina minyak panas.

Tapi ayeuna, Batagor teu ngan disuguhkeun ku cara digoréng. Batagor oge bisa didahar jeung kuah kaldu, komo mun keur haneut kénéh mah, nikmat pisan.

4. Dodol jeung Wajit (Garut)

Dodol jeung wajit nyaéta jajanan tradisional Tatar Sunda nu kakoncara. Duanana miboga rasa nu amis, ngan ku cara ngolahna beda pisan séwang-séwang.

Dodol mangrupakeun kulinér nu bahanna tina tipung ketan, gula jeung cipati. Cara nyieunna ku nyampurkeun sakabéh bahan kana jero cai, tuluy digalokeun dina katél badag. Adonan dodol nu geus dipasak teu meunang dicicingkeun lila teuing, kulantaran mun diantepkeun kitu waé, si adonan bakal jadi cepel, heuras, tutung di bagéan handapna, jeung bakal ngabentuk kerak di handapeun katélna.

Sedengkeun wajit mah sanajan bahan dasarna ampir sarua jeung dodol, tapi prosés produksina leuwih gampang kulantaran teu kudu dijagaan jeung bisa dipoyankeun.

5. Saté Maranggi (Purwakarta)

Asalna ti Purwakarta, ayeuna geus ngarambah ka sakabéh wewengkon di Jawa Barat. (Foto: canva.com)

Saté maranggi biasana dijieun tina potongan daging sapi nu bentukna siga dadu ukuran 1 cm. Saté ieu biasana dicampuran jeung bungbu nu kaangseuna tarik jeung rasana nu lada.

Satacan dibeuleum, potongan daging sapi kudu dimarinasi jeung campuran kécap amis jeung sababaraha bungbu. Saté maranggi bisa dipinikmat jeung sambel tomat, sambel oncom atanapi ketan beuleum.

Numutkeun hiji carita sajarah, saté maranggi sabenerna asalna ti daérah Jawa Tengah. Ngan kulinér ieu kalahka leuwih mekar di wewengkon Jawa Barat jeung éksis nepika ayeuna.**

Sumber: bandungraya.inews.id

Foto: canva.com

anjeun munkin oge reseup

Warta

Kahariwang Leungitna Basa Sunda

Aya fenoména nu karasa ngahariwangkeun dina jero manah saurang anggota législatif. Inyana Wakil Komisi D DPRD Kota Bandung, Iwan Hermawan, S.E.,Ak., nu ngarasa prihatin kana terus nguranganna panutur Basa Sunda. Data di BPS nunjukkeun dina waktu sapuluh taun (2010-2020), jumlah nu makéna ngurangan nepi ka dua juta urang.

Teras Maos »
Budaya

Sampurasun, Bréw!

Tah, NyundaYu gé, minangka ajakan nyunda ka urang Sunda. Ngan, upama ngahaja milih média online, lantaran ngigelan jaman. Da, urang Sunda téh geus kacida robahna.

Teras Maos »

QAFWA

Men's Moslem Wear
Get Discount 30%

TONG WAKA DI-CLOSE!!!

KLIK HELA MEH MEUNANG DISKON, LUMAYAN!

Wilujeng Sumping

“Teu aya istilah cinta buta, aya ge jalma eta sorangan nu ngabutakeun diri.”