Fénoména jeung Mitos Samagaha (Gerhana) dina Masarakat Sunda

BANDUNG (NYUNDAYU), – Kamari ieu ping 8 November 2022 aya kajadian alam nu biasana ngirut praktisi astronomi di dunya, nyaéta samagaha bulan. Fénoména samagaha atanapi gerhana dina basa Indonésiana, geus dipikawanoh di masarakat Indonesia, utamana pangaruh kana adat masarakat lokal. Samagaha nyaéta kajadian alam dimana panonpoé kahalangan ku sabagéan atawa pinuh kalangkang bulan (samagaha panonpoé) atanapi katutupna bulan, sacara pinuh atawa sabagéan, ku kalangkang bumi (samagaha bulan).

Dina nyanghareupan samagaha, boh bulan atanapi panonpoé, aya rupa-rupa tradisi nu biasa dilakukeun ku masarakat jaman baheula di Indonésia. Ngan umumna bisa dicindekkeun ku cara nitir atawa nyieun raraméan ku alat musik, parabot atanapi sora jelema nu ditarikkeun (ngajorowok).

Siga di suku Batak, masarakatna biasa nakolan kaléng jeung ngajorowokeun kalimah “Paulak bulan i Angkalau” nu hartina “Balikkeun bulan éta Angkalau” mun nyanghareupan samagaha bulan. Angkalau nyaéta pasukan matahari nu dipercaya ku masarakat Batak baheula rék nyamber bulan. Mun nabeuhan kaléng jeung jojorowokan kitu, masarakat Batak percaya Angalau bakal mulangkeun bulan.

Béda deui jeung di Jawa. Mun di Batak aya Angkalau, mun di Jawa mah aya nu ngaranna Batara Kala atanapi Kala Rahu. Samagaha dipercaya ku masarakat Jawa baheula nyaéta hiji peristiwa didaharna panonpoé (Batara Surya) atanapi bulan (Batara Soma) ku Batara Kala. Pikeun Batara Kala ngutahkeun deui panonpoé atanapi bulan, masarakat kudu nakol tatabeuhan nu bisa ngagandéngkeun suasana.

Di wewengkon Batu Putih, Madura, aya nu ngaranna tongtong kulawarga nu fungsina euweuh deui salian ti alat tangara bahaya, Tongtong éta tara dipaénkeun siga tongtong séjénna nu biasa dipaké keur nyieun ritme musik. Hiji bahaya nu kudu ditangaraan nyaéta samagaha bulan. 

“Inyana nyaéta alat paranti ngagandéngan nu dipake keur ngahudangkeun mahluk hirup, boh jelema atanapi angon-angon, dina waktu samagaha, nalika bulan disebut ghering (gering). Dina waktu éta, unggal kulawarga kaluar ka buruan jeung nyieun sora nu gandéng; aya nu nakolan rangkay kai imah atanapi tatangkalan di sakurilingna. Samentara nu séjén, nakolan tongtong kulawarga,” tulis Helena Bouvier dalam Lebur! Seni Musik dan Pertunjukkan dalam Masyarakat Madura (2002).

Teu béda jeung di suku Batak, Madura jeung Jawa, suku Dayak, ogé miboga tradisi dina nyanghareupan samagaha bulan, nyaéta ku cara nakolan goong jeung macakeun syair-syair carita épik.

Tah kumaha mun di masarakat Sunda? Numutkeun tulisan ti Mamat Sasmita dina Harian Pikiran Rakyat édisi 3 April 2017, urang Sunda biasana sok nakol tatabeuhan pikeun samagaha gancang bérés. “Mun samagaha bulan, baheula mah sok ramé tatakolan. Majar bulan jeur dilegleg naga […] Mun samagaha panonpoé, ieu gé sok ramé tatakolan, majarkeun panonpoé keur kawin jeung bulan,” tulisna. 

Geus lila, dina masarakat Sunda, samagaha sok dikaitkeun jeung ayana tangara hiji kajadian. Ieu dijelaskeun ku Mira M. Mihardja ti Bengkel Studi Budaya basa dikontek ku tirto.id keur kajadian samagaha tanggal 28 Juli 2018. “Misalkeun, dina kalender Sunda, nincakna dina 28 Juli, poe Saptu jeung Purnama. Ngan ieu aya samagaha (gerhana), samentara samagaha teh poek, maranehna nganggap primbon salaku tungtunan hirupna, [kajadian] eta jadi tangara bakal ayana kajadian-kajadian siga lini, angin nu badag, jeung sajabana di samagaha ayeuna ieu,” pokna.

Anggepan jaman baheula geus beda jeung jaman ayeuna sual samagaha éta. Nu baheula mah dipercaya jadi tangara bakal ayana hiji kajadian nu mundel, ayeuna mah ngan dijadikeun hiji fenomena alam nu geus kabaca sacara ilmiah. Tapi teu salah ogé mun urang salaku masarakat Sunda mikanyaho kana budaya nyanghareupan samagaha. Salian bisa jadi réferénsi ilmiah, hal ieu bisa jadi salah sahiji cara urang bisa ngamumulé jeung ngalestarikeun budaya Sunda. Sanés kitu, Lur?**

Sumber: tirto.id/Irfan Teguh

anjeun munkin oge reseup

Warta

Kahariwang Leungitna Basa Sunda

Aya fenoména nu karasa ngahariwangkeun dina jero manah saurang anggota législatif. Inyana Wakil Komisi D DPRD Kota Bandung, Iwan Hermawan, S.E.,Ak., nu ngarasa prihatin kana terus nguranganna panutur Basa Sunda. Data di BPS nunjukkeun dina waktu sapuluh taun (2010-2020), jumlah nu makéna ngurangan nepi ka dua juta urang.

Teras Maos »
Budaya

Sampurasun, Bréw!

Tah, NyundaYu gé, minangka ajakan nyunda ka urang Sunda. Ngan, upama ngahaja milih média online, lantaran ngigelan jaman. Da, urang Sunda téh geus kacida robahna.

Teras Maos »

QAFWA

Men's Moslem Wear
Get Discount 30%

TONG WAKA DI-CLOSE!!!

KLIK HELA MEH MEUNANG DISKON, LUMAYAN!

Wilujeng Sumping

“Teu aya istilah cinta buta, aya ge jalma eta sorangan nu ngabutakeun diri.”