BANDUNG (NYUNDAYU), – Parantos wafat dinten Minggu 6 November 2022 tabuh 14.10 Sang Maéstro musik Sunda, Mohammad Tan Deseng di Bandung. Ku jalaran anjeunna aya rékaman album wayang golek Giri Harja, Upit Sarimanah, dugika Tati Saleh, ku pamaénan gitarna, anjeunnan kakoncara ku sebatan “Sétan Melodi”.
Tan Deseng lahir di Tamim (sabudeureun Pasar Baru Bandung), 22 Agustus 1942. Ramana, Tan Tjing Hong nyaéta pangusaha, shinsé, sareng seniman lukis nu tiasa maénkeun sababaraha instumén musik.
Ti 8 putrana, Tan Deseng sareng rakana, Tan De Tjeng kairut ku dunya seni. Ti yuswa 12 taun, anjeunna daria neuleuman musik Sunda. Dugika dina yuswa 16 taun di Palembang, anjeunna cirambay ku cisoca basa ngadangu lagu-lagu Sunda di RRI (Radio Républik Indonésia).
Dina neuleuman musik Sunda, anjeunna diajar ka seueur jalmi, tii ngawitan tatanggina dugika para maéstro kasenian Sunda.
Salah sawios guruna kango diajar waditra (instrumén) musik Sunda nyaéta Adjat Sudrajat alias Mang Atun, diajar kacapi sareng suling ti Ebar Sobari, Mang Ono, Sutarya sareng dalang Abah Sunarya (ramana dalang kasohor Asep Sunandar Sunarya).
Kamampuh anjeunna kana musik Sunda utamana karawitan teras mekar. Teu héran pami anjeunna seueur midang di panggung dalam negeri ogé luar negeri. Sapertos Jepang, China, Thailand sareng nu sanésna.
Aya hiji deui hobi nu dipikaresep ku anjeunna, nyaéta ngadokuméntasikeun asét-asét penting budaya Sunda ngalangkungan rékaman pita hitam.
Tan Deseng nyaéta nu munggaran ngarékam pagelaran dalang Abah Sunarya. Salajengna pasindén kondang Titim Fatimah. Teras aya Euis Komariah, Tati Saleh sareng nu sanésna.
Anjeunna ogé nu ngapopulérkeun “Ketuk Tilu” nu jadi dara jaipong ngalangkungan pita rékamanna nu digarap sasarengan sareng pamusik-pamusik rahayat ti Karawang.
Rékaman nu ayeuna janten artefak budaya éta dilakonan ku anjeunna ti taun 1950-an. Anjeunna diajar sacara otodidak ku modal saayana. Malah mah alat-alat rékaman nu gaduh anjeunna éta asalna pamasihan ti Titim Fatimah taun 1970-an. Basa éta Titim mésér ku harga Rp70 juta (ayeuna mah miliaran).
Titim nyaéta sindén nu kasohor. Kanggo nongton pagelaranna, seueur jalmi wantun mapah dugika 40 kilométer. Titim saterasna janten acuan para sindén ka ayeunakeun.
Hasil rékaman Tan Deseng ti taun 1950-an ayeuna janten harta karun nu teu kaniléy hargana. Malah tiasa disebatkeun, rékaman éta mangrupakeun artefak budaya.
Kacinta sareng upaya Tan Deseng ngalestarikeun budaya Sunda ngahasilkeun panghargaan ti sababaraha pihak. Sapertos Walikota Bandung, Gubernur Jabar sareng Menteri Kebudayaan dan Pariwisata.
Lulusan SMP Tsing Hoa ieu ogé nampi penghargaan ti Présidén Megawati Soekarnoputri sareng Présiden Susilo Bambang Yudhoyono. Anjeunna kangtos nyangking Anugerah Maéstro Seni Budaya Sunda.
Hirup Ulah-alih Teu Gaduh Bumi
Saleresna kulawarga Tan Deseng miharep anjeunna janten padagang, sami sareng Tionghoa sanésna. Mung pamadengan anjeunna kiat pisan, sanaos janten seniman sareng aya dina kaayaan miskin. Komo anjeunna pageuh nyepeng prinsip “Janten seniman teu saukur milarian artos. Mung murni kulantaran kacinta kana seni Sunda”.
“Sanaos abdi seniman, abdi miharep katurunan abdi teu nikah sareng seniman kumargi seniman mah sangsara (malarat),” saur Tan Deseng.
Hal éta ngarujuk ka anjeunna. Sanaos beunghal ku pangalaman sareng kenging seueur panghargaan, mung sacara finansial tetep teu mapan.
Numutkeun budayawan Dadan Hidayat, dugika ayeuna Tan Deseng teu ngagaduhan bumi. Ngontrak ti hiji tempat ka tempat nu sanés. Mung ku luar biasana Tan Deseng nu dermawan, anjeunna remen babagi. Contona, waktos seniman seueur nu teu manggung kulantaran sasalad Covid-19, Tan Deseng ngical kacapina kanggo tuang para seniman.
Antukna Tan Deseng gagal midang di Seminar Ketahanan Budaya Sunda nu digelar ku INTI Jawa Barat di Gedong Budaya Soréang kaping 18 NOvember 2022. Ayeuna Sang Maéstro tos tilar dunya, ngantunkeun sajuta pangéling ku kacintana kana budaya Sunda.
Pileuleuyan Abah…**
Éditor: Dadan Hendaya
Foto: Istiméwa