Saritem: Pérspéktif Sajarah, Komoditas, jeung Ironisna Kahirupan

BANDUNG miboga loba sebutan nu élegan, kawas Paris Van Java, Kota Mode, Kota Kembang jeung sajabana. Tapi aya hiji harti nu leuwih élegan deui ngeunaan jujuluk “Kota Kembang,” éta.

Dilansir tina detik.com, panulis sajarah Haryoto Kunto dina bukuna Wajah Bandoeng Tempo Doeloe (Granesia:1984) nuliskeun yén kecap kembang nu napel dina Bandung téh lain ngan boga makna dina sisi panoramik, tapi ogé boga makna salaku kembang dayang nu hartina palacur.

Di Bandung sorangan, aya Saritem. Lokalisasina aya di antara Jalan Astana Anyar jeung Gardujati di Kalurahan Kebon Jeruk Kecamatan Andir. Ironisna, di tempat éta ogé diwangun pasantrén.

Dilansir tina infobdg.com, Saritem geus operasi ti jaman kolonial sakitar 1838an, kawasan éta geus aya ti saprak jaringan rél karéta api aya di Kota Bandung, jadi salah sahiji nu kasohor nepika disajajarkeun jeung Dolly, Surabaya jeung Sarkem, Jogja.

Rupa-rupa Vérsi Sajarah

Saritem ieu boga sajarah tina loba pérspéktif. Kawas nu dilansir tina detik.com, Ferdian Achsani dina Salingka, Majalah Ilmiah Bahasa jeung Sastra Volume 17 Nomor 1 Édisi Juni 2020 (salingka.kemendikbud.go.id) nuliskeun salah sahiji carita nu kasohor ngeunaan Nyai Saritem.

Potrét nu diduga Nyai Saritem atau Nyi Mas Ayu Permatasari (Foto: pinterest.com)

Saméméh meunang gelar Nyai, Saritem nyaéta budak wanoja nu geulis. Kageulisannana ngirut meneer Walanda nepika ahirna dijadikeun gundik. Industri ieu ogé terus ngaronjat, dipikaresep ku rupa-rupa kalangan, véteran nepika kolot ogé aya di dieu. Beuki ramé, Nyai dititah néangan deui calon gundik ka pelosok-pelosok siga Garut, Tasikmalaya, Indramayu. Imah bordil ieu beuki mekar.

Vérsi Séjén Nu Dicaritakeun Budayawan Sakaligus Dosén, Budi Dalton. 

“Nyi Mas Ayu Permatasari nyaéta nami asli ti Saritem, dumasar kana kasapukan para panaliti. Anjeunna mangrupikeun bojona tantara Walanda nu linggih di daérah Kebon Tangkil, di sakurilingeun caket dinya.” Ceuk Budi

Para gundik di jaman éta, lamun aya waktu kosong mindeng milu ngabantuan pagawéan imah Nyi Mas Ayu Permatasari. Gundik éta ogé mindeng nyarita ngeunaan kahariwangannana. 

“Abdi saleresna alim didamel sapertos kieu, tapi si germo na nu nyarios langsung ka sepuh abdi, abdi hoyong damel sapertos damel nu leres wéh, ari pék téh janten lacur.” Ceuk Budi Dalton

Numutkeun Kang Budi, kulantaran ngarasa prihatin ku kaayaan éta, kasebut budaya jalma baheula, Ibu Saritem mindeng “ngajampéan”.

“Janten dijampéan, didoaan supados teu payu, janten diuihkeun ku germona.” Ceuk Budi Dalton

Usaha éta dinilai suksés. Jadi ku sabab jasa anjeunna, Saritem nu ngaran séjénna Nyi Mas Ayu Permatasari ieu kapiéling jeung diabadikeun jadi ngaran jalan.

“Saritem mindeng dicap janten wanoja nu teu leres, hal éta teu logis ku sabab upami Saritem henteu leres moal bakal dijantenkeunkeun nami jalan. Dijantenkeun nami jalan sotéh ku sabab anjeunna ngagaduhan jasa dina sajarah.” Ceuk Budi

Usaha Ngeureunkeun

Dilansir tina Kumparan.com, aktivitas Saritem ieu geus sababaraha kali diusahakeun eureun.

Taun 2007, Pemkot Bandung nu dipimpin Wali Kota Dada Rosada, sacara resmi nutup tempat éta. Salah sahiji lahanna dibeuli terus dijadikeun hiji pondok pasantrén.

Ridwan Kamil ogé ditaun 2015, kungsi ngalakukeun razia gedé-gedéan. Ratusan PSK nu kajaring diarahkeun pikeun milu palatihan jeung pemberdayaan sangkan manggihan pagawéan nu leuwih layak.

Aya wacana ogé lahan éta bakal dijadikeun kawasan pasar emas, tapi réalisasina henteu aya nepika ayeuna.

Ironisna kanyataan kahirupan, prostitusi atawa lokalisasi sajatina bakal aya waé ku sabab ngabanding lurus jeung kabutuhan praktis manusa. Malah mah ti jaman saméméh maséhi ogé, praktik imah bordil éta geus mindeng kapanggih, sanajan geus mindeng pisan diusahakeun dibrédél, tapi ékosistemna tetep wéh jalan nerus. Sakabéh éta pikeun kabutuhan hirup. Mugia wéh aya solusi nu nentremkeun.**

Éditor : Rimaldi Pasya Mansoer

Foto: medcom.id

anjeun munkin oge reseup

Warta

Kahariwang Leungitna Basa Sunda

Aya fenoména nu karasa ngahariwangkeun dina jero manah saurang anggota législatif. Inyana Wakil Komisi D DPRD Kota Bandung, Iwan Hermawan, S.E.,Ak., nu ngarasa prihatin kana terus nguranganna panutur Basa Sunda. Data di BPS nunjukkeun dina waktu sapuluh taun (2010-2020), jumlah nu makéna ngurangan nepi ka dua juta urang.

Teras Maos »
Budaya

Sampurasun, Bréw!

Tah, NyundaYu gé, minangka ajakan nyunda ka urang Sunda. Ngan, upama ngahaja milih média online, lantaran ngigelan jaman. Da, urang Sunda téh geus kacida robahna.

Teras Maos »

QAFWA

Men's Moslem Wear
Get Discount 30%

TONG WAKA DI-CLOSE!!!

KLIK HELA MEH MEUNANG DISKON, LUMAYAN!

Wilujeng Sumping

“Teu aya istilah cinta buta, aya ge jalma eta sorangan nu ngabutakeun diri.”