SÉSA ruruntuhan misterius nu teu dihaja katalayah ayeuna jadi tempat pelesir sajarah di palataran Gunung Puntang, nu nyatana éta téh ruruntuhan pamancar salah sahiji radio nu miboga sajarah panggedéna di dunya, Stasiun Radio Malabar.
Dilansir ti wikipedia.org, Stasiun Radio Malabar ieu mangrupakeun pionir éksisténsi téknologi pangiriman sinyal jeung gelombang elektromagnetik di Indonésia. Dimimitian ku kahayang pikeun ngahubungkeun nagri Walanda jeung Hindia Walanda, Pamaréntah Hindia Walanda ngainisiasi ku ngawangun stasiun radio. Insinyur éléktro kasohor asal Jerman, Dr. Ir. Cornelis Johannes de Groot, dipercaya salaku arsitek proyek éta mimiti taun 1917.
Ping 5 Mei 1923, sanggeus 6 taun ti awal rarancang pangwangunan nepika rampung, ahirna diresmikeun Stasiun Radio Malabar ku Gubernur Jenderal Dirk Fock sanajan katerap sababaraha hahalang nu signifikan, siga badéy tropis jeung kilatan-kilatan petir nu ngaruksak sababaraha pamancar.
Stasiun nu harita di Walanda katelah ku ngaran Stasiun Radio Kootwijk, disahkeun ku cara ngirimkeun pesen telegraf munggaran ka Ratu Walanda jeung Menteri Urusan Koloni, ngan harita taya jawaban langsung. Nepika isukna tanggal 6 Méi 1923, stasiun pamancar éta tungtungna narima balesan pesen ti Walanda, pernahna ti Kantor Berita Aneta, nu jadi tolok ukur yén pamancar nirkabel éta geus miboga fungsi nu hadé.
Dilansir ti infobdg.com, Radio Malabar kungsi diperhitungkeun asup sajarah kamekaran radio dunya kulantaran jadi panyambung komunikasi Indonésia jeung Walanda nu jauhna 12.000 KM, pangkuatna, pangcanggihna jeung mutahir dina jaman éta. Taun 2004, risét nunjukkeun yén tina salah sahiji situs internét ti luar negeri, nyaéta www.cdvandt.org ngilu nyatetkeun yén stasiun radio éta mangrupakeun “World’s most powerful arc transmitter ever” (Pamancar arc pangkuatna nu kungsi diciptakeun di dunya).
Sanggeus jalan sababaraha taun, jeung diniléy taya hahalang, Radio Malabar mimiti ngabuka jasa komunikasi munggaran pikeun warga Walanda nu aya di Indonésia. Operator telegraf di Malabar jeung Kootwijk ngagunakeun callsign munggaran “Hallo Bandoeng” basa ngamimitian komunikasi lintas benua. Callsign éta jadi inspirasi pikeun jadi kecap nu miboga sajarah pikeun Kota Bandung jeung Indonésia, nepika jadi himne Kota Bandung.
Dikutip ti tirto.id, pikeun miéling sajarah telekomunikasi éta, diwangun monumén dua patung lalaki teu diraksukan nu keur ngapit tlu parapat bola dunya. Patung nu kahiji napelkeun leungeun-leungeunna dina biwir nu nandakeun keur ngajorowok. Sedengkeun patung nu hiji deui keur napelkeun leungeun katuhuna dina ceuli siga keur ngadéngé. Monumén ieu diwangun antara taun 1923 jeung 1942 di Jalan Citarum Bandung, nu ayeuna jadi Masjid Istiqomah.
Dina mangsa saterusna, Stasiun Radio Malabar éta kungsi jadi media propaganda Jepang. Teu lila ti dinya, Jepang indit ti Indonésia kulantaran dampak perang dunya. Walanda balik deui ka Indonesia jeung hayang nga-akuisisi Radio Malabar. Para pamuda Bandung liwat musyawarah besar mutuskeun rék ngabumihanguskeun sakabéh asét nu bakal dijadikeun markas militer ku Sekutu Walanda, nu populér disebut kajadian “Bandoeng Laoetan Api”, kaasup Radio Malabar éta nu ayeuna ngan kasésa ruruntuhanna wungkul. Nepika ayeuna, tempat ieu teu leungit daya tarikna nu tetep jadi asét, utamana jadi tempat wisata nu miboga sajarah panjang pajoangan bangsa Indonésia.
Éditor : Rimaldi Pasya Mansoer
Foto: facebook.com/potolawas, poestahadepok.blogspot.com, ruber.id