Béca: Lika liku Hiburan jeung Pajoangan Rahayat Leutik

BÉCA, bukti tina sajarah angkeub kandaraan tradisional nu jadi kipayah rahayat jeung hiburan, tapi dikambinghitamkeun pikeun kauntungan pihak nu tangtu di Indonésia. Béca nyaéta angkutan umum nu jadi opsi moda transportasi ti jaman kolonial nepika ayeuna.

Kawas dilansir tina tirto.id, béca munggaran aya taun 1869. John King Fairbank dina East Asia: Tradition & Transformation (1989) nyaritakeun, “Hiji campuran nu ahéng antara Timur jeung Barat nyaéta béca, nu katimu di Jepang taun 1869.” Mimitina, béca kasohor maké dua roda terus mekar jadi tilu roda nepika ayeuna, geus loba variasi jeung kamekaran pakait bentuk desain tina béca. 

Salian jadi kipayah, béca ogé loba ditempatkeun jadi hiburan, siga parayaan balap béca, atraksi béca, adu katangkasan béca, nu masih katingali di pasisian kota-kota gedé.

Adu katangkasan béca di Purbalingga (Foto: liputan6.com)

Sajarah

Istilah béca di Indonésia, numutkeun Erwiza Erman dina Dekolonisasi Buruh Kota dan Pembentukan Bangsa (2013: 388), asalna tina kecap ‘be’ jeung ‘chia’ (Tionghoa) nu hartina kandaraan.

Béca jadi kipayah di Indonésia disababkeun ku Déprési Ékonomi Dunya di taun 1930-an nu nyababkeun lobana angka pangangguran lantaran pausahaan nu keuna dampakna, loba jalma jadi tukang béca.

Mimitina pamaréntah kolonial Walanda ngarasa bungah ku ayana transportasi anyar éta. Tapi beuki maju, tuwuhna pamaké béca ogé teu bisa dikadalikeun. Pamaréntah Walanda mimiti ngabredel éksisténsi angkutan ieu ku alesan kamacétan. Padahal mah henteu ngan béca hungkul nu nyababkeun kamacétan, sabenerna disababkeun ogé kukandaraan-kandaraan motor séjén.

Tapi hal éta teu nyurutkeun kamekaran béca, malah mah pamaké béca ngaronjat pisan di jaman kolonial Jepang, beuki ngabludag deui sanggeus kolonial nepika ka pasisian di sakuliah Indonésia.

Kambing Hitam

Éksisténsi béca di Indonésia, sapanjang kamekaran jaman beuki dibrédél di sababaraha kota gedé, teu iwal di Bandung. Dishub Kota Bandung geus ngalarapkeun sababaraha kawasan nu ngalarang diliwatan ku tukang béca, nyaéta Alun-alun Bandung, Jalan Dewi Sartika, Jalan Dalem Kaum, Jalan Asia Afrika, jeung Jalan Kepatihan. Lamun ngalanggar bakal keuna denda saloba Rp250.000. Sanksi ogé lumaku pikeun tukang béca jeung panumpangna.

Tapi, aturan-aturan éta teu nyieun sumanget tukang béca surud. Teu saeutik kasus palanggaran nu dilakukeun sacara teterusan ku tukang béca di kota gedé ngan pikeun néangan napkah.

Teu aya alesan nu bisa ditarima ku masarakat, khususna para pangayuh nu hirupna gumantung kana pagawéan éta. Lamun nyababkeun kamacétan mah, malah kandaraan-kandaraan mobil nu matak macét, béca henteu ogé nimbulkeun polusi da ramah lingkungan, lamun ngomongkeun ngeunaan kasalametan, béca mah rélatif aman da majuna ogé lalaunan. Mugia parangkat nu kakait bisa néangan solusi nu teu ngabeuratkeun ngan ka hiji pihak, mugia bisa adil ka sakabéh rakyat.  

Éditor: Rimaldi Pasya Mansoer

Foto: analisadaily.com

anjeun munkin oge reseup

Warta

Kahariwang Leungitna Basa Sunda

Aya fenoména nu karasa ngahariwangkeun dina jero manah saurang anggota législatif. Inyana Wakil Komisi D DPRD Kota Bandung, Iwan Hermawan, S.E.,Ak., nu ngarasa prihatin kana terus nguranganna panutur Basa Sunda. Data di BPS nunjukkeun dina waktu sapuluh taun (2010-2020), jumlah nu makéna ngurangan nepi ka dua juta urang.

Teras Maos »
Budaya

Sampurasun, Bréw!

Tah, NyundaYu gé, minangka ajakan nyunda ka urang Sunda. Ngan, upama ngahaja milih média online, lantaran ngigelan jaman. Da, urang Sunda téh geus kacida robahna.

Teras Maos »

QAFWA

Men's Moslem Wear
Get Discount 30%

TONG WAKA DI-CLOSE!!!

KLIK HELA MEH MEUNANG DISKON, LUMAYAN!

Wilujeng Sumping

“Teu aya istilah cinta buta, aya ge jalma eta sorangan nu ngabutakeun diri.”