Gorombolan Monyét Ngajarah Padumukan Warga di Cisarua

BANDUNG (NYUNDAYU). – Warga Désa Kertawangi, Kecamatan Cisarua, Kabupatén Bandung Barat (KBB) panik sanggeus gorombolan monyét buntut panjang nyerbu padumukan di sakuriling objék wisata Curug Cimahi atawa Pelangi.

Fénoména ieu mangrupakeun fénoména taunan nu biasa kajadian di kawasan objék wisata ieu.

Diduga, gorombolan monyét buntut panjang ieu kalaparan ku sabab sumber kadaharan di habitatna ngurangan, ari populasina nambahan terus.

Warga hariwang ku kadatangan puluhan monyét buntut panjang éta di padumukan. Para warga sieun monyét-monyét éta nyerang, utamana mah ka barudak. 

Patugas Perhutani sakaligus nu ngelola Curug Cimahi atawa Pelangi, Yopi Nugraha ngalaporkeun yén monyét-monyét éta teu ngaganggu, balageur, nu penting mah urang na ulah ngondang réaksi ka monyétna.

Tapi hal éta ulah ngajadikeun masarakat teu waspada. Ayeuna ogé, sanajan tacan nyerang manusa, monyét-monyét éta geus ngaruksak hateup imah jeung mindeng asup ka dapur, maokan dahareun.

“Monyét-monyét éta sigana kalaparan ku sabab sumber dahareun di leuweungna ngurangan. Samentara, populasi monyét terus nambahan,” ceuk Yopi Nugraha

Foto: bandungraya.inews.id

Tapi urang sadaya ogé kudu waspada ku sabab sawaktu-waktu gorombolan monyét éta bisa waé nyerang, hal éta tangtu kudu dicegah. Ceuk Yopi Nugraha, laku lampah monyét buntut panjang nu rutin unggal taun turun gunung, kaluar ti leuweung, nyerbu padumukan warga éta kudu jadi aténsi urang saréréa.

Yopi ogé ngungkabkeun, Perhutani bakal koordinasi jeung Balai Konservasi Sumber Daya Alam (BKSDA) Jawa Barat pikeun nungkulan masalah gorombolan monyét buntut panjang nu nyerbu imah-imah warga di sakuriling Curug Pelangi.

Sagigireun éta, warga Désa Kertawangi, Dédén nyatakeun, masarakat ngareupkeun masalah gorombolan monyét nyerbu padumukan warga éta bisa gancang dibéréskeun ku pengelola Curug Pelangi. 

“Carana, aranjeunna tiasa nyisihkeun artos tikét Curug Pelangi kanggo mésér parab monyét-monyét éta supados henteu dongkap deui ka padumukan warga,” ceuk Dédén.

Ceuk Dédén, sajauh ieu émang tacan aya warga nu diserang monyét-monyét éta. Tapi, lamun dicicingkeun, teu nutup kamungkinan ogé konflik antara manusa jeung sato liar bisa kajadian.

Loba kajadian di Indonésia atawa luar nagri nu pibahayaeun ngeunaan monyét ieu. Ulah dilalaworakeun, kudu diperhartoskeun.

Éditor : Rizal Fadillah

Sumber: bandung.inews.id

Foto: cirebon.tribunnews.com

anjeun munkin oge reseup

Warta

Kahariwang Leungitna Basa Sunda

Aya fenoména nu karasa ngahariwangkeun dina jero manah saurang anggota législatif. Inyana Wakil Komisi D DPRD Kota Bandung, Iwan Hermawan, S.E.,Ak., nu ngarasa prihatin kana terus nguranganna panutur Basa Sunda. Data di BPS nunjukkeun dina waktu sapuluh taun (2010-2020), jumlah nu makéna ngurangan nepi ka dua juta urang.

Teras Maos »
Budaya

Sampurasun, Bréw!

Tah, NyundaYu gé, minangka ajakan nyunda ka urang Sunda. Ngan, upama ngahaja milih média online, lantaran ngigelan jaman. Da, urang Sunda téh geus kacida robahna.

Teras Maos »

QAFWA

Men's Moslem Wear
Get Discount 30%

TONG WAKA DI-CLOSE!!!

KLIK HELA MEH MEUNANG DISKON, LUMAYAN!

Wilujeng Sumping

“Teu aya istilah cinta buta, aya ge jalma eta sorangan nu ngabutakeun diri.”