“BEUNGEUT sia sakuan!” biasana basa nyarék éta boga maksud yén beungeutna goréng, leuwih alus lamun disumputkeun. Éta téh salah sahiji conto kecap nyarék nu kadieunakeun jadi heureuyna urang Sunda. Basa nu idéntik dianggap jadi basa kasar ieu biasana sok dipaké ku budak ngora atawa ku nu kolot di Tanah Pasundan dina kahirupan masarakat.
Urang Sunda kasohor ku soméahna, teu iwal ku cara tata basana. Basa Sunda boga tilu tuturan basa, aya basa lemes, sedeng jeung kasar. Basa kawas di luhur éta kaasup kana basa kasar.
Basa kasar ieu biasa diucapkeun ku nu leuwih kolot ka nu leuwih ngora atawa saumuran. Dina paguneman sapopoé, kawas heuheureuyan nu mangrupa poyokanan ka babaturan ulin nu saumur boh nu ngora atawa nu kolot geus jadi kabiasaan nu ngabungahkeun jeung malah mah matak pikaseurieun boh nu dicarékna atawa nu nyarékna. Malah mah di kalangan budak ngora lamun dina hiji paguneman euweuh basa nyarék atawa heuheureuyan, bakal dianggap tongkrongan nu teu ramé.
Tapi hal éta henteu ngandung makna sabenerna, lolobana ngan sawates heuheureuyan atawa bobodoran méh bisa ngaramékeun jeung ngaakrabkeun suasana.
Basa nyarékan loma dina Basa Sunda
Biasana basa nyarékan nu pang umumna disebutkeun ku masarakat Sunda nyaéta Anjing jeung Goblog. Tapi masih loba deui di antarana: Beungeut sia hurung: biasana dipaké lamun aya jalma nu éraeun, Beungeut tah seuseuh, Beungeut sia rujit, Beungeut sia siga bagong, Beungeut sia jebag!, Tangkurak sia!!, Belegug, Kéhéd siah!, Koplok!, Babangus sia!, Mangga mamam!, Bedegong!, Podol!, Cungur, Bebel.
Modifikasi basa nyarékan
Basa nyarékan ogé mekar saluyu jeung kamajuan jaman, kawas kecap ‘Bagong’ nu diserep jadi’ Bagoy’. ‘Anjing’ diplésétkeun jadi Anjir, Anying, Ajig malahan aya Anjay, Anjim, Anjayani.
Pérspéktif jeung cara nyanghareupannana
Sanajan mindeng dianggap teu alus, basa kasar kawas kitu teu salilana kudu dihartikeun jadi basa ku maksud nu butut. Teu saeutik jalma nu ngomong ku basa kasar éta tujuanna méh leuwih akrab jeung nu diajak ngobrol jeung cara éta kabuktian éféktif ku sabab aya bodoran khas dina diksi, dialék jeung nada ngomong tina basa kasar. Lulucon, lédékan kawas kitu jadi salah sahiji ciri khas ti masarakat Sunda.
Basa kasar ogé lamun ditingali tina pérspéktif positif, bisa jadi bukti yén ieu téh kaarifan lokal budaya ti karuhun nu kudu dimumulé salila pamakéna taya maksud négatif, nyaho tempat jeung saha nu diajak ngomongna.
Basa kasar kawas kitu mangrupakeun panyaimbang tina basa-basa nu aya, ngajadikeun seni komunikasi leuwih loba opsi terus ogé jadi opsi pikeun nyalurkeun rupa-rupa éksprési
Kawas nu dilansir tina tirto.id, “Ieu gejala universal, saluyu sareng kamajuan émosi manusa, aya bungah, aya sedih, aya ambek jeung nunjukkeun hiji perangkat linguistik nu émang ngagambarkeun perasaan nu nyariosna. Upami henteu aya kecap-kecap carékan, urang sadaya malah curiga, masarakat téh teu gaduh rasa ambek sapanjang hirupna kitu?” ceuk Cécé Sobarna Guru Besar Linguistik Fakultas Ilmu Budaya, Universitas Padjadjaran.
Editor : Rimaldi Pasya Mansoer