Karinding: Tradisi Budaya Karuhun, Falsafah Kahirupan, Katuhanan jeung Lingkungan

FALSAFAH jeung budaya téh pakait, henteu bisa dipisahkeun. Teu iwal salah sahiji budaya musik tradisional nu aya di Jawa Barat. Karinding.

Dikutip tina Wikipédia.com, numutkeun bahasa Sunda, Karinding diwangun ku kecap “Ka Ra Da Hyang” nu hartina dibarengan ku doa nu Maha Kawasa atawa aya ogé nu ngahartikeun Ka=’sumber’ jeung Rinding=’sora’ hartina sumber sora.

Karinding nyaéta alat musik nu dijieun tina awi atawa palapah arén. Dimaénkeun ku cara ditepak bagéan ujungna ku ujung ramo bari ditapelkeun kana biwir.

Cenah mah, karinding mangrupakeun salah sahiji alat nu geus dipaké karuhun ti saméméh aya alat musik tradisional kacapi. Umur kacapi sorangan geus ngahontal leuwih ti 500 taun ka tukang. Jadi, umur alat musik tradisional karinding geus leuwih kolot ti 600 taun.

Umumna, bentuk karinding rada leutik. Ngan boga 10 cm jeung lébar 2 cm. Ukuran nu béda mangaruhan kana sorana. Cara nepukna ogé bisa mangaruhan kana sora nu dihasilkeun. Tapi, bisa disaluyukeun jeung pamaké jeung kabutuhan.

Foto: id.wikipedia org

Mimitina, karinding sok dipaké ku para patani pikeun ngusir hama serangga atawa manuk di sawah. Sora nu dihasilkeun ku karinding ieu nyaéta sora nu desibelna leutik atawa ultrasonik nu ngan bisa didéngé ku hama serangga pikeun ngusir. Dikutip tina ayobandung.com, numutkeun Iman Rahman Anggawiria Kusumah (40) atawa sok disebut Kang Kimung, karinding diciptakeun pikeun jadi pedoman pengelolaan alam jeung lingkungan hirup.

Kang Kimung ngajelaskeun yén falsafah karinding bisa ditingali tina loba aspék, salah sahijina nyaéta karinding dimaénkeun ku cara ditabeuh hartina urang Sunda percaya yén jagat raya ieu téh dibentuk tina dentuman badag.

Dilansir tina kemenag.go.id, karinding boga falsafah nu jero. Bagéan éta dianalogikeun kana “yakin, sadar, jeung sabar.”

  1. Dina bagéan pancepengan nyaéta “yakin”. Yakin yén unggal jalma bisa ngamaénkeunnana
  2. Dina bagéan cecet ucing nyaéta “sadar”. Sora nu kaluar nyaéta lain sora diri tapi sora jagat raya.
  3. Dina bagéan tungtung (paneunggeul) “sabar” dina ngamaénkeunnana.

Pikeun masarakat Sunda, karinding lain ngan saukur alat musik karawitan hungkul. Leuwih ti éta, karinding nyaéta ajaran tradisi ti karuhun nu kudu dijaga jeung dimumulé.

Karinding nepika ayeuna berkembang jadi salah sahiji alat musik tradisional nu dimumulé malah mah geus kasohor sadunya.

Salah sahiji seniman Sunda nu rada gencer jeung kasohor ku masarakat Indonésia malah mancanagara nyaéta Grup band ti Bandung nyaéta Karindig Attack

Éditor : Rimaldi Pasya Mansoer

Foto: xposeindonesia.com

anjeun munkin oge reseup

Warta

Kahariwang Leungitna Basa Sunda

Aya fenoména nu karasa ngahariwangkeun dina jero manah saurang anggota législatif. Inyana Wakil Komisi D DPRD Kota Bandung, Iwan Hermawan, S.E.,Ak., nu ngarasa prihatin kana terus nguranganna panutur Basa Sunda. Data di BPS nunjukkeun dina waktu sapuluh taun (2010-2020), jumlah nu makéna ngurangan nepi ka dua juta urang.

Teras Maos »
Budaya

Sampurasun, Bréw!

Tah, NyundaYu gé, minangka ajakan nyunda ka urang Sunda. Ngan, upama ngahaja milih média online, lantaran ngigelan jaman. Da, urang Sunda téh geus kacida robahna.

Teras Maos »

QAFWA

Men's Moslem Wear
Get Discount 30%

TONG WAKA DI-CLOSE!!!

KLIK HELA MEH MEUNANG DISKON, LUMAYAN!

Wilujeng Sumping

“Teu aya istilah cinta buta, aya ge jalma eta sorangan nu ngabutakeun diri.”