És Céndol, Boba Lokal nu Kasohor Sadunya

ÉS serut nu ditumpuk dina mangkok atawa gelas, aci, cipati, gula, uyah, tipung hunkwé, tipung béas héjo nu diolah, dibalur ku sirop gula beureum terus bisa ditambahan ogé ku buah nangka. Disajikeun pas cuaca keur panas-panasna, atawa pikeun buka puasa, seger pisan nya? Tah éta téh daya tarik minuman tradisional khas Jawa Barat nyaéta Céndol.

Ngabayangkeunnana ogé geus matak ngacay, komo lamun nyaanan bisa asup kana tikoro, Aduhh jos pisan euy!

Céndol nyaéta minuman sakaligus dahareun nu dijieun tina tipung béas, tipung hunkwé, diguyur ku cipati jeung sirop gula arén. Leuwih mantep deui disajikeun jeung és batu méh seger pas nepika tikoro.

“Istilah ‘céndol’ nyalira mimitina biasa dianggo ku masarakat Tatar Sunda. Céndol dibentukna tina citakan nu aya lobangan teras dipencét. Adonan bakal muncul tina lobang atanapi masarakat nyebatna téh ku istilah ‘jendol’. Ti dinya wéh nami ‘céndol’ kasohor,” ceuk pakar kulinér jeung pangan Universitas Gadjah Mada, Murdijati Gardjito dilansir tina cnnindonesia.com

CNN Travel ngalansir 50 desert pangngeunahna di dunya. Tapi hal éta jadi kontrovérsi kusabab di laman éta disebutkeun yén céndol asalna ti Singapura, nu di mana urang sadaya apal yén Céndol téh asalna ti Jawa Barat jeung Dawet ti Jawa Tengah.

Es Dawet (Foto: wikipedia.org)

“Céndol aya di sababaraha nagara Asia Tenggara ku ngaran jeung cara nyajikeunnana nu béda,” ceuk William basa wawancara jeung CNNIndonésia.

Tapi, loba catetan sajarah nu nguatkeun yén céndol atawa dawet asalna ti Indonésia. 1814, Oost-Indisch kookboek atawa buku resép Hindia Timur taun 1866. Di buku éta aya tulisan, Tjendol of Dawet.

Malah mah Murdijati ngungkabkeun yén céndol geus aya ti jaman Karajaan Majapahit.

Tungtungna mah, nagara-nagara di Asia Tenggara boga vérsi séwang-séwang ngeunaan céndol. Nu pangpentingna mah nyaéta kumaha cara ngaaprésiasi rasa Indonésia ti céndol jeung dawet nu nikmat ieu.

Éditor : Rimaldi Pasya Mansoer

Foto: fibercreme.com

anjeun munkin oge reseup

Warta

Kahariwang Leungitna Basa Sunda

Aya fenoména nu karasa ngahariwangkeun dina jero manah saurang anggota législatif. Inyana Wakil Komisi D DPRD Kota Bandung, Iwan Hermawan, S.E.,Ak., nu ngarasa prihatin kana terus nguranganna panutur Basa Sunda. Data di BPS nunjukkeun dina waktu sapuluh taun (2010-2020), jumlah nu makéna ngurangan nepi ka dua juta urang.

Teras Maos »
Budaya

Sampurasun, Bréw!

Tah, NyundaYu gé, minangka ajakan nyunda ka urang Sunda. Ngan, upama ngahaja milih média online, lantaran ngigelan jaman. Da, urang Sunda téh geus kacida robahna.

Teras Maos »

QAFWA

Men's Moslem Wear
Get Discount 30%

TONG WAKA DI-CLOSE!!!

KLIK HELA MEH MEUNANG DISKON, LUMAYAN!

Wilujeng Sumping

“Teu aya istilah cinta buta, aya ge jalma eta sorangan nu ngabutakeun diri.”