Ku Akasa
KEUR dina kaayaan sarwa bingung, ngadadak Jani hudang bangun nu jagjag deui. “Hayang balik,” pokna.
Nu saméméhna geumpeur gara-gara Bah Arga, ayeuna ngadadak ngemplong, da Jani siga nu cageur.
“Isukan waé isuk-isuk balik mah, da ayeuna mah peuting,” cekeng téh.
“Hayang ayeuna aing mah balikna ogé, lain isuk,” ceuk Jani ngadadak heuras jeung buringas. Lantaran sieun jadi deui jeung siun kumahaonam, tungtungna mah digugu ogé.
Saréréa paciweuh kudu nganteur nu hayang balik peuting, bari kaayaan di lembur nu hara-haraeun jauh ka ditu – ka dieu. Tapi da palaur kumaha onam nu hudang gering teu digugu mah, tungtungna mah dianteur kahayang nu hayang balik téh. Eukeur mah teu pararuguh di lembur batur ngadon gering.
Sanggeus siap mah, bring wae kuring jeung Kusen ngincid nuturkeun Jani nu bangun sumanget naker hayang balik deui ka dayeuh. Ngan di tengah jalan rada anéh, da Jani téh kalah tuluy ngaléok méngkol ka arah wahangan Cisanget.
“Jan, hey. Rék kamana manéh?” ceuk Kusen.
“Rek balik aing mah?” pokna.
“Balik kamana?” cekeng teh.
“Ka Wahangan Cisanget!”
Teu kudu dikomandoan, Kusen jeung kuring babarengan ngarontok Jani nu bangun rek ngejat jeung kabur muru ka wahangan Cisanget.
Kuring jeung Kusen gogorowokan ménta tulung, teu lila urang lembur ngagimbung nyalamperkeun bari terus ngarereyang Jani nu ngamuk keukeuh hayang balik ka Wahangan Cisanget.
Puriding Puringkak
Aya kana dua poéna Jani diubar-abér di lemburna Kusén, geus kamana-mana tapi can aya nu matih pisan. Ari karasana mah aya éta ogé, ayeuna ogé katingalina hangkeut-hangkeut muru ka cageur lamun ningali saréat mah. Tara pati loba teuing sasar jeung kasurupan, ulah diantep sorangan jeung ngalamun waé, kudu dibaturan.
Kuring jeung Kusén tuluy badami, Jani rék terus dibawa ka Bandung waé, susuganan dayeuh aya piubareunana, lantaran di lembur Kusén di Cisanget geus bingung kudu kumaha ngubaranana. Salahna tangtu salah sorangan éta ogé, mun ceuk indung jeung bapa Kusén mah éta mah panyakit nu disiar ku sorangan.
“Coba lamun ngagugu ka kolot, teu ngarempak aturan jeung larangan, meureun moal kudu ngadoréksakeun ka jalma salelembur,” kitu pok-pokanana.
Kuring jeung Kusén rumasa ngilu salah, da nganteur jeung teu bisa nyarék kana kahayang Jani.
“Jung waé ka kota, sugan di kota aya piubareunana. Omat kudu terus ditambakeun, lantaran can bener-bener cageur budak téh, masih katingali kosong jeung bangun teu jejeg,” ceuk bapana Kusén.
*
Isuk-isuk, kuring, Kusén jeung Jani terus mulang muru ka dayeuh. Sajalan rada ripuh bubuhan mawa nu gering, bari geringna ieu mah lain gering fisikna, da fisikna mah katémbong jagjag waringkas. Mindeng ngocoblak jeung hahariringan teu puguh. Asa matak keueung keur nu nyaho lalakonna siga kuring jeung Kusén mah, ngan lamun nu can nyaho mah nyangkana mawa nu kurang saeundan.
Nepi di kosan, gura-giru kuring nepungan nu boga kosan, da apal Pa Irlan téh mindeng dipéntaan tulung ku tatangga mun pareng aya paranas-tiris atawa sakalieun nu kosan aya nu ngagerebeg mah.
Ti mimiti Pa Irlan ningali Jani, katingali ngarempod jeung bangun nu ngajaga jarak. Ngan henteu ari nepi ka langsung kapiuhan atawa ngejat balik deui siga Bah Arga atawa Ni Karsih mah. Teu waka didongéngan nanaon, Pa Irlan langsung nitah mawa cai bari terus didoaan.
Cai diképrét-képrétkeun kana awak Jani, terus diinuman. Hésé rék nginumanana da tuluy kalah kasurupan jeung ngamuk. Atuh babaturan nu aya di kosan séjén ngagarimbung jeung ngaréréyang Jani da bangun nu rék ngejat. Ngan sanggeus cai kainum mah ku Jani, katémbong mimiti tenang jeung ngarempréh ayeuna mah. *
Nyambung…
(Dicutat tina Mangle No. 2894)