Ku Akasa
GEUS aya saminggu Jani gering ripuh. Mimitina mah gara-gara nganjang ka lembur babaturan di daérah Cisanget di wewengkon pakidulan. Ari mimiti mah kuring ogé teu percaya, piraku dina jaman sing sarwa modern saperti kieu masih kénéh sieun ku jurig, dedemit atawa iprit. Tapi kadieunakeun kayakinan téh mimiti goyah, da mémang jadi asa loba kaanéhan-kaanéhan nu teu kaharti ku akal salila saminggu ieu, utamana sabada nungkulan jeung kemit Jani nu gering ripuh.
Balik ti lembur Cisanget téh peuting-peuting bari mawa nu gering. Bubuhan mawa nu gering, teu beunang dihulag jeung diisukeun, hayang pok torolong balik harita keneh. Nu gering keukeuh hayang balik kajeun kudu sorangan cenah. Mimiti mah sugan téh heureuy, ari pek enya waé ngincid sorangan ninggalkeun imah babaturan nu dianjangan Kusen.
“Peuting jeung hara-haraeun di jalan, isuk waé isuk-isuk mun rék mulang mah,” ceuk Kusen jeung indung bapana.
Tapi da Jani bangun nu teu ngadéngé. Keukeuh manteng hayang balik, embung cenah teu betah. Kapaksa kuring jeung Kusen nuturkeun nu manteng hayang balik deui. Najan tangtu waé dina wanci hara-haraeun bari jalan sorangeun téh apan panjang ngaliwatan leuweung geledegan, da lembur Kusen téh aya di lembur singkur nu jauh ka mana-mana.
Poé ieu kénéh, isuk-isukna Jani téh keukeuh tetelepek ka indung bapana Kusen ngeunan sajarah lembur Cisanget. Naha cenah lembur téh bet disebut Cisanget, sanget palebah manana jeung dimana nu disebut sangetna. Mimitina mah bangun nu sungkan nyaritakeun indung bapana Kusen téh, da cenah Kusen budakna sorangan gé teu kungsi dibéré nyaho, ngan kulantaran Jani keukeuh bangun nu satengah maksa, barabat waé indung bapana Kusen téh nyaritakeun lalakon lembur.
Cisanget téh cenah baheula jadi tempa pamiceunan dukun-dukun teluh nu dirogahala ku urang lemburna. Dukun teluh dirogala lantaran tangtu waé mindeng loba kajadian nu bareuh beuteung atawa maot teu pupuguh aya nu neluh. Masarakat di lembur teu nyalahkeun saha nu nitahna tapi leuwih nyalahkeun dukun nu dianggap bisa, da lamun dukunna euweuh mah tangtu moal kungsi aya kajadian nu kudu nemahan pati alatan didukunkeun, kitu cenah lolobana mah pikiran urang lembur téh.
Pamiceunan dukun-dukun téh aya di wahangan Cisanget. Cenah ceuk indung bapana Kusen mah mayit-mayit dukun teluh mah teu ditarima ku bumi, salah sahiji carana nyaéta kudu dipiceun ka wahangan. Ari dikubur mah cenah geus loba kajadian, poé ieu dikubur isukna geus kasampak deui keur nyeupah jeung moyan di hareupeun imahna, kituna téh bari teu cecel teu bocel.
Mayit-mayit dukun nu pada ngakalakeun téh lolobana mah nyatuluy diparalidkeun di wahagan Cisanget. Malah lain waé ti lembur éta tapi ti lembur-lembur séjén ti jauhna sarua malidkeunana sok di wahangan Cisanget lantaran cenah wahangan Cisanget mah caina jadi salah sahiji pantrangan/patalukan keur dukun teluh. Ngadéngé lalakon jeung caritaan indung bapana Kusen, Jani bangun nu kataji jeung panasaran pisan, da harita kénéh keukeuh hayang ningali jeung apal wahangan Cisanget. Boh kuring boh Kusen sarua horéamna, da keueung jeung sieun waé sanggeus ngadéngé caritana, tapi da keukeuh Jani rék indit, baé cenah teu dianteur ogé rék ningali sorangan waé, hayang motoan keur penelitian manéhna pajarkeun téh. *
Nyambung..
(Dicutat tina Mangle No. 2894)