Heureuy Sunda
S A W O
Nyi Iteung téh boga tangkal sawo, pelak manéhna kénéh baréto. Ayeuna éta sawo téh keur meujeuhna buahan. Ngan hanjakal teu kari. Nu arasakna sok maruragan waé.
Lantaran Iteung lebareun, sawo téh dikaranjangan. Mun marurag gé pasti kapuluk, cenah.
“Keun waé Iteung sawo murag mah,” ceuk Si Kabayan.
“Lain keun waé, keun waé. Lebar, Kabayan!”
“Antepkeun wé,….”
“Kumahakeun atuh ngarah ulah maruragan?”
“Teu rék murag kumaha da bongan buahna di luhur.”
(Ade Rachbudin/Manglé No. 304)
SAPATU
Dina rapat RT saréréa satuju rék mangmeulikeun sapatu nu rada alus jeung rada mahal keur hansip. Sapuk deuih, duitna téh tina iuran masarakat. Tapi, aya saurang, Si Kabayan, anu teu panujeun atawa nolak téh.
“Satuju?” ceuk nu mingpin rapat.
“Satuju,” ceuk balaréa, réang.
“UIng mah teu sajuju!” ceuk Si Kabayan.
“Naon sababna pangna anjeun teu satuju, Kabayan?”
“Kalebar-lebar,” ceuk Si Kabayan,” hanas meuli sapatu alus jeung mahal, hayoh engkéna mah ditincakan.”
(Aherka, Ciamis/Manglé No. 304)